Sony Xperia Z3 Plus Dual - Ngeusi batre alat Anjeun

background image

Ngeusi batre alat Anjeun

Pake carjer Sony asli jeung kabel USB nu husus pikeun model Xperia™ nu tangtu. Carjer jeung

kabel nu sejen bakal ningkatkeun waktos ngeusi batre, teu ngeusi pisan, atawa bakal ngaruksa

alat. Pastikeun kabeh port USB jeung konektor sapinuhna garih, sateuacan masang kabel

USB.

Carjer colokan listrik bakal ngeusi batre leuwih cepet dibandingkeun ngeusi batre liwat

komputer. Anjeun tiasa make alat Anjeun pas keur di eusi.
Upami batre kosong, alat bakal perlu dugi ka 30 menit pikeun ngarespons ka ngeusi

batre. Salila waktos ieu, layar bakal poek, teu nembongkeun ikon ngeusi batre. Oge

perhatoskeun yen bakal perlu dugi ka 4 jam ngeusi batre nu sapinuhna kosong dugi ka

sapinuhna ngeusi.

Alat Anjeun gaduh batre nu tos dipasangkeun tur tiasa dicas nu tiasa digentos ngan ku puseur

ladenan Sony nu resmi. Anjeun ulah nyobaan muka atawa ngabongkar alat ku sorangan.

Milampah eta bisa ngaruksak alat nu ahirna ngabatalkeun haransi.

Cara ngeusi batre alat anjeun

39

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

1

Colokkeun carjer ka colokan listrik.

2

Colokkeun hiji tungtung kabel USB kana carjer (atawa kana port USB komputer).

3

Colokkeun ujung kabel ka port USB mikro dina alat Anjeun, sareng lambang USB

ngahadap ka luhur. Lampu bewara hurung upami ngeusi dimimitian.

4

Sawaktos batre alat geus dieusian pinuh, coplokkeun kabel USB tina telepon

anjeun ku cara nyabut kabel eta kaluar. Pastikeun anjeun teu ngabengkokkeun

konektor.

Saukur make carjer nu disadiakeun jeung alat anjeun atawa carjer Sony nu sejen pikeun ngeusi

batre alat anjeun.

Upami batre soak pisan, butuh sababaraha menit nepi ka lampu bewara hurung tur ikon

ngeusi batre nembongan.

Status lampu bewara batre

Hejo

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre leuwih ti 90%

Oranyeu

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 90%

Beureum

Batre nuju ngeusi tur tingkat eusian batre kirang ti 15%